Halaman

Selasa, 11 Maret 2014

Hirup jeung Kahayang

Hiji kawih nu dihaleuangkeun ku ibu Nunung Nurmalasari, nu kutipan rumpakana : "Mungguh kitu kahirupan di dunya teh papasangan.", nganyatakeun yen lamun dititenan hampir sadaya perkara nu aya di dunya teh memang papasangan, dua-dua, upamana bae beurang jeung peuting, lalaki awewe, hese jeung enteng, jeung rea-rea deui conto sejenna. Antara dua anu papasangan teh pasti bae ngabogaan kaayaan anu beda, malah sok patukang tonggong. Di sagigireun conto tadi, aya deui pasangan antara hirup jeung kahayang (nafsu). Ngeunaan dua perkara ieu, kumaha bisa jadi hiji pasang nu kaayaanna beda jeung patukang tonggong? Palebah mana bedana? Bari hikmah naon anu bisa diteuleuman tur dialap manfaat tina hartina?

Bedana antara hirup jeung kahayang (nafsu) teh tandes pisan, nyaeta yen hirup di dunya aya tungtungna, sedengkeun kahayang (nafsu) mah teu aya tungtungna.

Hikmahna nyaeta yen sakedahna urang inget kana dua perkara ieu sangkan jadi pepeling, amih urang teu kajongjonan teuing nurutkeun hawa nafsu anu teu aya tungtungna, bari hilap kana kahirupan anu baris pendak jeung tungtungna, nyaeta maot. Sedengkeun maot eta rusiah nu moal bisa dipikanyaho iraha sumpingna. Bari sakedahna sateuacan maot teh, urang soson-soson, bebekelan amal keu perjalanan ka aherat, soson-soson beberesih diri tina sagalapa rupa rereged lahir jeung rereged batin.

Di dieu sanes hartosna, ulah dudunya, tapi nganiatan dudunya (usaha kadunyaan) urang teh keur tujuan aherat. Hasilna tangtu moal aya sifat koret, sifat kokomoan dina ngudag-ngudag dunya, tepi ka poho kana kawajiban, moal aya rasa nu lain leuwih penting tinimbang ibadah, upamana sholat lima waktu nu kudu dilaksanakeun di awal waktu, moal kaelehkeun ku kasibukan, kaelehkeun ku rasa kagok, jeung sajabana.

Tapi kangaranan nafsu, sok endah bae, mengkolkeun lengkah urang tina kuduna bae. Urang kudu salawasna waspada, ngelingan diri pribadi, dan iwalti ku pribadi, tuluy ngereketkeun maneh. Mudah-mudahan ku ngingetan eta dua perkara, urang bisa matuhkeun pamadegan dina bener, atuh nalika mengkol deui-mengkol deui, urang bisa gura-giru balik deui kana jalan anu lempeng, aamiin.