Halaman

Jumat, 30 November 2012

Tukang Nguseup

Geus sababaraha kali kuring nempo hiji lalaki keur anteng nguseup. Angger burit éta ogé balongna téh jiga anyar diawur, jeung angger manéhna ngahuleng, teu maliré kana useup, kawas keur aya anu dipikiran. Kuring ogé, saperti burit-burit nu kaliwat, burit harita eureun sakeudeung, samulangna ti huma, tuluy nempokeun paroman éta lalaki, anu kawasna mah ngora kénéh, bari angger ngarasa héran jeung panasaran. Da éta, sorot matana bangun nu keur mikir jero, anteng nénjo kana cai anu tingkerempyéng katebak angin, laas tina lauk anu nyarab. Éstuning lila pisan lalampahan kitu na téh.

Nu enggeus-enggeus mah kuring indit. Geus burit ongkoh. Tapi harita mah kencling baé kuring nyampeurkeun éta jelema. Manéhna ngalieuk, apaleun aya nu datang. Teu disangka éta pamuda seuri ka kuring. Kuring gé males seuri ka manéhna.

“Kenging Jang nguseup téh?”, kuring nanya, muka carita. Manéhna gagaro, tuluy némbalan bari angger seuri suranyéh.

“Numawi Kang, teu aya nu nyorang hiji-hiji acan.”

“Naon margina nya?” ceuk kuring bari tuluy nagog.

“Lepat abdi panginten Kang, ari tos ngawur téh sok jongjon nyebor kacang, saréngséna nembé nguseup. Laukna kabujeng sareubeuheun. Ieu ogé mamanawian Kang, manawi aya hiji mah anu nyorang, tapi nya kieu, buktosna mah teu aya.”

Enya baé di galeng balongna raweuy ku pepelakan kacang diturusan.

“Tangtos sesah ari kitu mah Jang.”

“Muhun, sesah kapancingna.”

Kuring ngahuleng sakeudeung, mikir kumaha pibasaeunnana. Kapan nyampeurkeun sotéh kuring téh sabenerna hayang apal alesan manéhna sok anteng, kalayan sorot mata anu tenang kawas keur mikir jero. Sabab ras kuring inget kana papatah guru kuring, yén ulah nuding batur goréng ku lampahna, duméh nguseup gawé pangangguran, boa-boa ati jeung uteuk na mah keur dzikir atawa keur tafakur éta jelema téh. Pan kadituna jadi élmu tur jadi amal anu hadé.

“Jang!”

“Kumaha Kang?”

“Akang mah sakapeung sok seuri, seuri téh bakat ku waas ku kaagungan jeung kaadilan Pangéran.”

“Contona Kang?”

“Muhun ieu lauk, ku Pangéran teu dipasihan akal, kumaha upami lauk pinterna kawas manusa, jigana urang moal pernah tiasa ngasaan lauk. Éta lauk bakal hésé kapancingna. Moal tiasa ditipu, sabab maranéhna barogaeun akal.” témbal kuring.

“Leres Kang. Upami lauk gaduheun akal mah tangtos sesah mancingna ogé. Numawi saleresna mah abdi téh nuju héran.”

“Héran kumaha Jang?”

Manéhna cicing sakeudeung. Matana nénjo kana luhur cai. Ngarénghap lalaunan. Kawas nu keur nenangkeun haténa, bari ngumpulkeun ingetan anu mencar.

“Muhun saur Akang bieu, lamun baé lauk gaduheun akal tangtos sesah kapancingna, tapi buktosna ayeuna téh manusa parantos seueur anu kapancing, padahal manusa téh hiji mahluk anu berakal.”

Kuring ngalieuk, nempokeun paromanna anu teu weléh tenang. Éta budak, tina ucapanna bieu, kuring yakin, ieu budak lain budak samanéa. Lain budak padu baé.

“Kapancing? Kapancing kumaha Jang?”

Manéhna jongjon metot jeujeur, ngaganti eupan, tuluy dibelewerkeun deui éta useup ka tengah balong.

“Kapancing Kang, kapancing ku hawa nafsuna, kapancing kana mangéran kana dunya. Cirina teu kaopan, teu payaan. Kagetrik saeutik ambek, pundung. Lééhan, baeudan. Dimana lebet kana urusan harta, teu emut batal haram, teu maliré waktu solat. Pon kitu deui dina urusan tahta, badé mobok, badé nyogok, nu penting baris nanjeur, teu émut satiap nu nanjeur baris panggih jeung léngsérna. Teu émut yén raga hiji waktos bakal ditinggalkeun nyawa, maot namina. Kadituna baris mertanggungjawabkeun kana naon rupa amal anu parantos ditinggalkeun di dunya, nu saé sareng nu awonna.”

Kuring semu ngoréjat.

“Alah, leres pisan Jang. Kedah kumaha atuh sangkan urang téh henteu gampil kapancing?”

“Panginten urang téh kedah wareg.”

“Kedah wareg?”

“Lauk ogé kapan upami sareubeuheun mah sesah kapancingna.” témbal manéhna bari seuri. Kuring kalah bingung, teu kapikir naon maksudna.

“Ké ké ké, kedah wareg kumaha?”

“Kedah wareg Kang. Dina hartos wareg ku kurnia Gusti, ku rohmat sareng ku ni’mat Gusti. Kalayan nyukurkeun, ngalangkungan tékad, ucap jeung lampah urang.”

“Janten cindekna mah urang téh kedah janten ahli sukur?”

“Leres Kang, ahli sukur.”

“Kumaha Jang contona nu ahli sukur téh?”

Kunyunyud téh aya nu nyorang. Teu pira barang dibetot téh jeujeurna, ukur beunteur sagedé cinggir. Manéhna seuri. Kuring nungguan manéhna nyarita.

“Contona tukang nguseup kénging beunteur hiji, tapi teu kendat ngucapkeun Alhamdulillah bari haténa bungah, margi anu katingali ku mata batinna téh sanés rezeki nu katampi, sanés ningali beunteurna, nanging saha nu maparin éta rezeki, nyaéta zat anu Maha Agung. Beunteur hiji gé karaosna mah ni’mat anu ageung baé, da nu masihanna zat nu Maha Agung. Lir ibarat rayat leutik nampi serat ti gubernur, éta rayat ngaraos banget reueusna, banget reugreugna, sok sanaos teu benten seratna mah sapertos serat nu sanés, ukur tina kertas sareng mangsi. Reueus tur reugreugna téh margi nu masihna jalmi berpangkat. Mana komo dimana manusa dipaparin rezeki ku Pangéran, zat anu Maha Agung. Zat anu ngayugakeun manusa tur kahirupannana.”

“Aduh Jang, atuh teu pantes pisan aral subaha téh ari kitu mah?” ceuk kuring.

“Muhun Kang.”

“Gusti…” kuring ngahelas. Naha ari kuring pagawéan téh sok ngan baketut baé. Umbak-ambek baé. Sagala dicaci, dimaki. Ngahaok, ngarahuh, mungsrang-mangsring. Dahar teu ngeunah, saré teu tibra. Inget pagawéan ukur tatanén, ngurus balong leutik, sakapeung buburuh ngala parab jeung gawé di huma nu dunungan. Tepi ka rarasaan mah hirup téh heureut pakeun pungsat bahan, lieuk euweuh ragap teu aya. Padahal mah ku bisa buburuh gé. Mikir téh hayang jiga batur, boga gedong sigrong. Gawé maké kaméja jeung dasi. Indit-inditan numpak kandaraan anu hurung harérang. Ngan pamajikan baé nu kawasna tara loba tingkah téh. Sakapeung mah sok keuheul, pamajikan téh jiga nu embung diajak maju. Tapi, teuing pédah nénjo kuring sok aral baé.

Heueuh atuh da barina ogé. Ari manéhna mah lain embungeun maju hirupna téh. Ngan pati-pati kudu maju gé lain hartina ladang teu puas ku kaayaan anu keur karandapan. Lain ladang ngarahuh, ladang ngeluh. Tapi nénjo budak pan sakolakeuneun. Jeung tangtu beuki gedé, beuki rea kabutuhna. Nénjo baraya belaaneun, nu teu boga béréeun jeung tulunganeun. Loba cindekna mah, nu nungtut diri kudu ngaronjatkeun kaayaan saluareun keur nurutkeun hawa nafsu. Kitu ceuk manéhna, basa paséa.

Nun Gusti, hampura.

“Duh, nuhun Jang, ngagebyar yeuh Akang.” ceuk kuring, bari nénjo kana cai.

“Punten Kang tos sonten ieu téh, abdi badé wangsul.” ceuk manéhna bari bébérés.

“Oh, muhun, hatur nuhun Jang!”

“Sami-sami Kang!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar