Halaman

Rabu, 05 Desember 2012

Aki Ama

Bismillah, Rohman tur Rohim-Na, eunteup jero papageran. Deudeuh teuing, hanjakal mindeng kapoékan. Ku angkeubna nafsu, tur meredongna sarakah…”, gerentes haté Aki Ama, ngaderes panungtung suluk guruna, bari mencrong salambar potrét.
Ti tepas, katara kalangkang pager buruan mondokan deui. Srangéngé beuki naék, méh satumbak. Hiliwir angin. Karasa poé maju ka haneut moyan. Gelenyu éta aki-aki langkoyang ujug-ujug imut, barang ngarérét aya awéwé anu baketut gigireun panto. Potrét buru-buru dikusiwelkeun. Pamajikan Aki Ama geuwat nyician gelas pipir salakina, léos ka dapur, tuluy ngahaja gégéroh trong-trang, diatra-atrakeun, ngumbar kakeuheul.
Pamajikan Aki Ama najan keur katarajang timburu, angger melang. Ti breng hudang, salakina teu pati daék diajak ngobrol. Geus mandi tuluy disalin, gék diuk di tepas, tuluy neuteup potrét nu biasa. Sangu dina piring teu ditoél, sakitu nonggérak gigireun sikuna. Obat ti mantri pon kitu deui, ngagolér baé dina méja. Ngan cai hérang nu katénjo ngurangan, unggal diilikan pamajikanna.
Jol deui pamajikanna norojol ti pawon, nganteur kahariwang.
“Kang, énggal geura tuang heula, teras leueut obatna!” pokna.
“Uhun ké, sakedap deui Nyi!”, unggal diobrolan ukur sakitu ngajawabna. Antaré, leuleuy. Neuteup potrét deui.
Pamajikanna geus surti, pajarkeun téh potrét dulurna. Tapi teu burung matak timburu, da puguh geulis nu aya dina potrét téh, jeung teu bosen Aki Ama neuteupna. Tepi ka ayeuna, pantég sabulan. Pamajikanna anu bosen. Katambah Aki Ama teu pati medarkeun, dulur nu mana sabenerna. Ukur nyebutkeun yén éta téh adina, Sukarti. Teuing adi beuteung, teuing saha.
“Akang, kapan nuang obatna teu kénging telat!”
Aki Ama neuteup ka lebah péngkolan jalan.
“Kedah disiplin!” ceuk pamajikanna deui, bari gura-giru nyuguhkeun rambutan sabeungkeut.
Sakuduna mah teu kudu hariwang pamajikanna téh. Aki Ama lain jalma hariwangkeuneun. Ieu aki-aki, najan geus rémpo, manéhna hiji jalma anu kaasuh ku élmuna anu jembar. Tapi najan kitu, kaayaan geus lila aya anu robah. Aki Ama geus mang taun-taun katarajang panyakit. Teu pira, panyakitna mah nyeri cangkéng. Ngan reuhreuy, mimiti teu pati ripuh, béh dieu tepi ka marurungna. Sakali waktu sapeupeuting teu bisa saré alatan nahan nyeri. Awak beuki begang, mun saung mah geus réyod maju ka rubuh. Euweuh kamajuan. Ngan éta baé hiji leuheungna mah, manéhna jadi boga batur ulin, nyaéta iteuk waregu jieunan si Usép, incuna.
Kamari pasosoré, aya nu namu ti dayeuh. Ngalongok.
“Naha atuh teu damang kunaon Aki téh?”
“Ah, tos mangsana baé Nyi. Udur mah soal biasa, malihan sukur, margi yakin ieu téh pépéling. Mun tiasa nyarios mah saur panyawat téh panginten yeuh Ki, Aki téh rék téréh, nu matak geura éling ti ayeuna kénéh...”
“Ah, téréh naon ari Aki?!”
“Muhun téréh aya anu nganteuran, hé..hé..”
“Panginten nu kitu mah teu anéh di dieu mah nya Ki!”
Pamajikan Aki Ama ngaléos, sup ka padaringan, bari ngajingjing.
“Ih, katampi pisan, puguh Aki mah langki mendak.”
“Ki, moal aya nu ngéwa mah ka Aki?”, ceuk nu di juru, ujug-ujug. Nu lian ngalieuk, curinghak.
“Ih, badé kumaha-kumaha gé sadaya kersa Anjeunna Jang!”
“Mangga dilaleueut heula, teu kenging rusuh nya!?” ceuk pamajikan Aki Ama barang jol, susuguh.
“Muhun Ni!”
“Ki, abi mah tetep héran, atuh da maenya aya panyawat tos dicandak kaditu kadieu, teu katawis panyawat naon-naonna.”
“Muhun Ki.”
“Leres.”
“Karaos naon kitu Ki?”
“Cangkéng Nyi.”
“Euleuh, moal panyawat ginjal mah?!”
“Puguh diparios téh teu gaduh panyawat naon-naon si Aki mah.” témbal nu séjén.
“Naha geuning nya?”
“Ih, Ujang, Nyai, ari kudrot irodat Mantenna mah da teu kedah nuturkeun akal urang baé.” témbal Aki Ama.
Loba pisan nu nyangka Aki Ama kakeunaan guna-guna. Kampung Rancaleuang mémang katelah keueungna. Loga kajadian nu ararahéng. Teu asup akal. Nu maot kapanasan, teu kaduruk teu sing. Aya nu ditambaan téh kaluar sarupaning paku, uril, tina tuurna. Nu beuteungna melendung ngadadak. Nu silih serang ku gaib alatan saing dina usaha tepi ka punahna. Komo bangsa pélét mah, geus teu anéh. Biasana nu garering kitu téh datangna ka Aki Ama. Tuluy diubaran, harita gé waras. Tapi duka kunaon, aki Ama teu pati tuhu nyaréatan dirina sorangan mangsa manéhna gering.
Jumaah ieu pamajikan Aki Ama ngalobakeun cicing di gowah, meungkeutan rambutan sawaréh deui, nu layonna. Minggu kamari, Aki Ama omat-omatan ka si Usép, incuna yén rambutan nu di pipir ulah waka diala méméh manggih Kemis Puhun. Harita, najan sakitu geus meumeujeuhna arasak, bari tara-tara ti sasari leubeut kabina-bina, diturut baé ku si Usép téh. Teu loba tatanya.
Rebo, méméh ngala rambutan si Usép datang nepungan akina. Bajuna ginding, maké jékét kulit hideung.
“Naha Ki kudu Kemis baé dialana rambutan téh?”, si Usép nanya, teu wasa nahan rasa panasaran.
“Poé Jumaahna ua-ua hidep bisi sumping ti Bandung.”
“Oh, baruk ua-ua Bandung badé kadarieu?”
“Ah, bisi baé ieu mah…”
“Ké, pan biasana gé manjing lebaran ka lemburna téh?”
“Teuing, Aki gé teu apal.”
“Enya atuh Ki.”
“Ék ka mana mani ginding Sép?”
“Ka pasir Ki.”
“Aya naon kitu, tara-tara?!”
“Aki teu apal kitu di pasir aya tabib?”
“Tabib?”
“Enya, tukang obat, tos dua poé Ki.”
“Dukun?”
“Ih, ieu mah ajengan Ki.”
“Oh.. hé.. hé.. urang mana?”
“Duka, da ti daérah Jawa.”
Aki Ama ukur unggeuk.
“Éh énya Sép, si Aki candak kaditu, sugan baé atuh cageur.” ceuk pamajikan Aki Ama, curinghak.
“Hayu atuh Ki.”
“Leuseuh Sép.”
“Leuseuh kumaha ari Akang, dina motor!!”
“Bisi tijengkang Nyi, sakieu rémpona.”
“Jééh, Akang mah sok aya baé alesan téh.”
Geus biasa Aki Ama diambek ku pamajikanna. Tapi tara kieu-kieu manéhna mah. Kawas basa keur usum hujan sababaraha taun ka tukang, Aki Ama keur jagjagna, duaan jeung si Usép, mulang ti sawah, mapay sisi susukan, tuluy hanjat ka leuweung ngasruk gawir, naék ka pasir, turun ka léngkob. Barang ék meuntas cukang, aya langgir nyeureud kana suku Aki Ama. Batan dipaéhan éta langgir ku Aki Ama kalah dianteurkeun ka rungkun nu jauh ti jalan. Hujan ngagebrét, Aki Ama jeung si Usép nuluykeun lalampahan, naék deui ka pasir anu bulistir taya tatangkalan. Manggih cai sakali deui, tuluy hanjat, tepi ka imahna.
“Har ari Akang, sanés dipaéhan, mani asa kabina-bina teuing!” pamajikanna gegelendeng, bari ngubaran suku Aki Ama ku geutah waluh gedé, paméré tatanggana.
“Keun baé Nyi, sarua itu gé mahluk hirup, hayangeun hirup.”
“Aéh ari Akang, puguh nyilakakeun!!”
“Kitu sotéh béla diri Nyi, sieuneun ditandasa.”, ngarénghap. “Urang sotéh keuheul, da manéhna mah nyaaheun ka dirina.”
Pamajikanna teu ngomong deui.
Keur jagjagna, ieu aki-aki gawéna tatanén. Henteu duméh loba paméré ti sémah anu tatanya atawa ngadon tatamba. Usaha mah tetep dilakonan, nyiar dunya keur bekel ibadah. Ngan tara sapopoé ari tani na téh, teu cara batur. Sok ngan sabedug. Méméh dur lohor gé eureun, tuluy mulang, da bisi aya nu namu, bari amih teu capé teuing karasana.
Tapi éta mah jaman nu geus kaliwat. Keur bedas kénéh. Ari ayeuna mah ti breng katarajang nyeri cangkéng, geus aya tilu taunna Aki Ama tara indit kamana-mana. Gagawéanna ulukutek di imah. Ti enggon ka dapur, ka cai, ka tepas, ngadaweung. Ari aya sémah, ngobrol jeung sémah. Atawa kabeneran manéhna keur di luar, aya tatangga nu ngadon ngiuhan, marengan poé morérét. Geus teu walakaya ayeuna mah, ngubaran ogé aya katangtungan aya henteu. Ngan éta nu matak sasaha gé betah babarengan jeung manéhna mah, basana anu soméah jeung teu burung marahmay najan kanu anyar panggih.
Ngan aya saurang nu salila-lila can pernah ngalongok atawa nganjang ka Aki Ama. Boroning kitu, asrog di jalan gé tara nanya-nanya acan, ari lain dipiheulaan ditanya mah. Awéwé manéhna téh, kolot, rada ngora ti Aki Ama, awakna jag-jag, ngan rada bongkok. Buukna méh kabéh bodas, dibeungkeut, digulungkeun. Gagawéan ngagosok-gosokkeun jebug kana lebah biwirna anu jebléh. Kalolobaan urang Rancaleuang teu resep ka manéhna. Da éta béja ceuk béja pagawéanna matak keueung batur, matak sebér. Nyaéta sok dudukun, sok nampa sémah nu boga kahayang nu teu alus, atawa nu hasud jeung nu boga maksud aniyaya ka batur. Rék dieureunkeun euweuh nu wani, sieun kalah malindes ka diri. Euweuh nu apal saha ngaranna, ti mana asalna. Sababaraha taun ka tukang, ieu jelema datang, mamawa budak duaan, ngadon ngontrak imah di landeuheun pasir. Hiji-hijina jalan keur kaditu ukur jalan leutik dibatu, mudun ka wetankeun, ti pasir.
Kamari tepung pisan jeung Kemis Puhun, rambutan nu di pipir imah dipupu. Teuing ku anéh, aki Ama ujug-ujug mawa kérésék nu meujeuhna, tuluy sup baé rambutan nu aralus, nu geus nang meungkeut diasupkeun kana kérésék. Kencling manéhna papaksan indit, maké iteuk. Bari anggalésoh leupangna, angsod-angsodan.
“Badé ka mana Kang?!”, buru-buru pamajikanna nyusul, reuwaseun. Geus taun-taun teu ka mana-mana, harita badé miang pisan.
“Nyi, Akang ék ka pasir.”
“Akang, badé ka mana?"
“Engké dibéjakeun, moal lila.”
“Kadé Kang! Ulah gancang teuing, bari ieu cai candak. Mun aya legok malipir, wios teu téréh dugi ogé, nya?!!”, pamajikanna hariwangeun pisan. Tapi manéhna geus apal watek salakina. Tara loba tatanya. Barina gé tara hadé dicaram éta aki-aki téh mun geus datang niatna mah.
“Ulah hariwang Nyi!”
Ayeuna mah masing diulah-ulah gé hariwang, salakina téh pan keur gering. Henteu jag­-jag sakumaha biasana. Antukna mah si Usép dititah nuturkeun akina, bubunian.

Laun-laun éta aki-aki mapay jalan, tepi ka pasir. Singhoréng enya, loba jalma, ramé, keur lalajo tabib nu ti Jawa téa. Ti dinya Aki Ama mudun ka wétankeun, asup ka jalan batu leutik anu hieum ku tatangkalan. Si Usép najan rada horéam gé, tetep nutur-nutur. Lian ti hawana tiis téh, meredong, jeung loba reungit. Najan poé beuki beurang, beulah jalan éta mah beuki jero beuki angkeub ku tangkal caringin, mahoni jeung bungur anu jarangkung gedé, daunna ngahunyud. Sababaraha kali angin ngagelebug dibarung ku sora heulang jeung tonggérét, raéng, ngageréng. Hawa beuki tiis, beuki keueung. Si Usép teu nyaho, léngkah akina rék tepi ka mana. Ngan rarasaan manéhna téh asa lila pisan, nuturkeun léodna léngkah aki-aki rémpo anu welasan méter aya di hareupeunnana. Kitu-kituna mah katambah-tambah ku kaayaan tempatna anu teu pikabetaheun.
Sababaraha lila ti éta srog asup ka hiji buruan imah. Angger tiiseun. Imah téh katénjona poék, jiga euweuh sasaha di jerona. Ngan beuki deukeut kadéngé aya nu humarurung, bangun nu nyeri kabina-bina, ditembalan ku sora budak nu raéng careurik.
“Nyi… nyi…” Aki Ama nyalukan nu boga imah. Sorana ngageter, pegat-pegat, nahan kacapé. Harita kénéh sora nu di jero jempé, panto muka. Aya budak awéwé kira-kira umur dalapan taun, jeung nu lalaki kira-kira umur lima taun. Nu awéwé cireumbay, ungsrak-ingsreuk, bari leungeunna ludat-ladét.
Saréngséna ngobrol sakeudeung jeung budak nu awéwé, Aki Ama tuluy asup ka patengahan éta imah. Rada lila di jero imah, méh poé manceran manéhna kaluar. Si Usép ngageleter bari ruy-rey pundukna, apaleun ayeuna mah ka saha akina namu téh. Manéhna ampir cireumbay, ari rét nempo akina kaluar, nyengir. Si Usép nyumput deui. Nutur-nutur deui. Méméh nanjak ka pasir, akina ngarandeg, ngalieuk ka tukang. Leumpang tilu lengkah ngarandeg deui, ngalieuk. Leumpang, ngarandeg, lieuk deui. Tuluy nyalukan, ku sorana nu laun.
“Usép, éta manéh lain?!”
Deg, sérését, si Usép kanjat asa ditaranjangan. Ieu aki-aki mémang lain oloeun. Najan nu di tukang susulumputan, teu burung kapanggih.
“Enya Ki.” témbal si Usep, gagaro, tuluy ngadeukeutan akina.
“Kesel nutur-nutur Aki?”
“Héhé… enya Ki, kesel.”
“Teu mawa motor?”
“Aduh, henteu Ki!”
“Héhéhé…”
“Ah, rajeun nawar pas tanjakan.”, gagaro deui.
Si Usep tipoporosé ngagandong akina tepi ka pasir.
“Sép, kamari burit aya kajadian naon di dieu.” Aki Ama nanya barang asup ka lebah nu ramé ku nu lalajo tabib.
“Aya nu tatamba Ki, baruk panyakitna guna-guna, ajenganna ngajengkang, tapi untungna teu aya nu cilaka.”
Aki Ama cicing, ngatur renghapna.
“Kunaon kitu Ki?”
“Pedah nu laliwat kamari ramé, tara-tara.” ceuk Aki Ama.
“Enya Ki, da nu nongton aya nu kasurupan.”
“Tapi teu nanaon?”
“Henteu Ki, tuluy cageur diubaran ku tabibna.”
“Sukur atuh.”, Aki Ama neuteup ka riungan tukang obat, kalayan teuteup anu teuneung jeung tenang. Aya rusiah anu masih kénéh diteundeun ku manéhna.
Si Usép teu loba nanya deui, maneha kudu ngatur nafas, sabab bakal nempuh jalan mudun anu nyuksruk tur rungkal-ringkel bari ngagandong akina.
“Wayahna Sép, mangsana gagantian.”
“Beurat Ki…”
“Ngalalanyahan, méméh ngagandong mitoha.”
“Mitoha nanahaon!?”
“Keun… atuh teu mitoha, anakna.”
“Tah…”, seuri.
“Ah, manéh…”
Ayeuna geus poé Juma’ah. Panonpoé beuki nérékél. Sangu dina piring jeung deungeunna angger can ditoél. Jam geus nuduhkeun jam salapan. Obat nya kitu, ngagolér kénéh. Ngan cai baé nu teu ngari téh. Geus dua kali pamajikan Aki Ama nyampeurkeun mamawa téko.
“Kang, geura tuang, éta sangu tiis mantén!”
“Ké Nyi, sakedap deui.”
“Tos siang Kang, teu kenging telat saur pa mantri gé kapan, jaba éta obat kedah dituang!”
“Ké heula Nyi, tuh aya sémah.” ceuk Aki Ama bari ngalengo ka pengkolan. Tuluy nangtung.
Pamajikanna buru-buru pépérén, tuluy manéhna bébérés di patengahan. Sangu, deungeunna jeung cai  ditamprakkeun. Geus biasa, najan saaya-aya, mun aya sémah, saméméh mulang éta sémah sok diajak heula dahar babarengan. Aya anu daék, ari sarua ti kampung mah, mun sémahna rada ti béh kota mah biasana sok buru-buru, duka pédah teu biasa ku dahareun urang lembur.
Éta sémah bangun nu raripuh leumpangna, bari nyekelan dada kawas anu nyerieun. Awéwé, rada bongkok, maké kabaya konéng kolot. Buukna méh kabéh bodas, dibeungkeut dikuliwedkeun, rambay sawaréh, teu matut. Biwirna rada jebléh, semu beureum balas nyapék jebug. Aya budak leutik duaan nuturkeun asup ka buruan imah.
“Kang… Kang… “
“Kadieu Nyi!” témbal Aki Ama.
Barang Aki Ama rék nyarita, éta awéwé ngarumpuyuk, ceurik dina lahunan Aki Ama.
“Hampura Kang… hampura…”
Pamajikan Aki Ama reuwaseun, tuluy norojol ka tepas.
“Na kunaon Nyi?!”
“Kumaha atuh ayeuna?”
“Bet, kumaha naonna?” Aki Ama bingung.
“Élmu abdi tos punah Kang…”, dibarengan ku batuk.
“Deudeuh. Nya keun baé atuh nu di dieu mah.”
“Keun baé kumaha, sakitu taun–taun?!”
“Naha tos rido kitu Nyai, ieu titipan Nyai dicabut ku Akang?” ceuk Aki Ama, antaré.
“Ridooo... rido pisan…!!”
Aki Ama ngalieuk ka pamajikanna.
“Nyi pangnyandakkeun piring!”
Durugdug pamajikanna ka dapur, teu lila datang deui mawa piring, bari ngarasa bingung, heran jeung panasaran.
Aki Ama peureum, maca kalimah. Teu lila kaluar dua leunjeur beusi wangun keris laleutik warna hideung tina cangkengna, diranggeum, tuluy diteundeun dina piring.
“Naha henteu tikapungkur Kang?”, cireumbay.
“Akang mah bisi Nyai teu rido.”
Éta awéwé ceurik na beuki payah.
“Hampura Kang… Hampuraaa…”
“Enya... dihampura pisan Nyi.”
“Hampura Kang… Euceu…!!”
“Buru-buru ayeuna mah geura balik ka Mantenna. Sing nyaah ka diri. Karunya Ema jeung Abah, bisi nalangsaeun. Ulah tepi ka aya turunan anu khianat ka dirina sorangan.”
“Hampura Gusti… hampura Ema… Abah…”
Sémah Aki Ama ujug-ujug pakudupruk, tilar dunya. Tina lebah gigir biwirna kaluar getih beureum semu hideung. Layonna diurus ku warga. Najan mimitina mah arembungeun, saacan ku Aki Ama dipeupeujeuhkeun.
Balik ti astana, Aki Ama kadatangan nu ngalayad loba pisan. Imah pinuh, teu aya tempat keur liwat-liwat acan, teuing pédah imahna leutik. Nu ngalayad téh ti mana-mana, kaasup ua-ua si Usép nu ti Bandung, dibéjaan pajarkeun téh aya dulur Aki Ama anu maot. Kabeneran nu tas jarumaahan ogé nyarimpang heula ka imah Aki Ama. Teu disuguhan nu anéh, ukur rambutan nu diala kamari baé, pedah kabeneran mareng jeung usumna. Nu séjénna goréng cau jeung kulub suuk. Éta nu aya, paméré, diasakan keur nu méré.
“Aki saurna tos damang?”
“Alhamdulillah Jang, ngalih panyawat téh ka si Usép.”
“Wadul Kang, ieu mah nyeri cangkéng balas ngagandong aki-aki.” ceuk si Usép, semu ngagorowok ti kamber.
Ger, kabéh sémah akey-akeyan, nahan seuri.
Keur kitu, ujug-ujug aya nu nanya:
“Ke, dupi anu pupus atuh saha Ki?”
Sémah-sémah jarempé. Pamajikan Aki Ama cicing tukangeun panto dapur, jamedud langlayeuseun, nahan ambek jeung hanjelu.            
Aki Ama teu langsung muka carita. Mimiti manéhna seuri, tuluy ngarénghap lalaunan, ngumbar haté anu ujug-ujug ngangres campur nineung. Nenjo kaluar, langit caang semu konéng. Angin ngahiliwir tiis pikabetaheun, neumbrag kana dangdaunan anu geus karolot. Aroyag, tuluy murag muguran tina gagangna. Eunteup luhur taneuh, nutup nu buruk tinggal pakang. Barang rét, ék nyarita pisan, teu karasaeun aya anu kaluar tina sisi panonna. Hérang rada haneut, ngeclak, maseuhan salambar potrét nu nyelap dina saku bajuna.

—Andi Budiman—
Samarang, 01 April 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar