Halaman

Sabtu, 02 Maret 2013

Tekad Nyukuran Hirup


Bismillahirrahmaanirrahiim...

Ari panjang jalanna mah sarua, hirup manusa teh, ti mimiti lahir tepi ka maot. Anu ngabedakeun dina cara nempuhna, aya nu beurat aya nu enteng, kalawan sabenerna, lain sigana wungkul. Ari milih mah kudu nu enteng, saratna nyukuran hirup.

Loba nu salah patekadan dina lampahna, anu netepkeun sagala nu dipilampah keur kasenangan hirup atawa keur merjuangkeun hirup. Naha bet salah? Sabab nu hade mah keur nyukuran hirup, kadituna ridho Allah bae nu disuprihna. Memang ipis bedana, nu mantak kudu ati-ati. 

Teu kurang ari ngudagna kasenangan mah, loba jalma ripuh ngalayanan kahayang dirina, antukna kasebut bae budak nafsu. Dikitu kieu keun ku nafsuna. Kitu oge anu nekadkeun merjuangkeun hirup, sabab ngaran 'merjuangkeun' rupa-rupa jalurna, aya nu kana jabatan, harta, wanita, gengsi, pangaruh, kayakinan jeung sajabana. Tangtu cape karasana. Komo mana kala teu katepi nu dimaksud.

Alus mah jadi anu katilu, nyaeta nekad naon bae lampah teh keur nyukuran hirup. Ari nyukuran hirup mah kani'matan/kasenangan teu kudu diteangan, henteu milampah heula tuluy senang, tapi senang heula tuluy milampah. Estuning gawe terus, teu kabengbat ku tujuan jeung hasil. Ningali mah tincakeun, engke oge nepi.

Nyieun kahadean dina tekad nyukuran hirup bakal ngahasilkeun karya anu alus, sabab eta karya teu katarumpangan tujuan anu rendah, estuning didasaran hate anu luhung, hasilna oge tangtu luhung.
Palebah dieu memang ngalibatkeun nungkulkeun hawa nafsu. Nyaeta nafsu anu rendah. Kauntungannana tina nungkulkeun hawa nafsu (kahayang) teh yen manusa teu kudu ripuh/cape atawa moal susah-susah teuing cicing dina kasabara. Sabab loba anu sabar alatan kahayangna, bari ari sabar teh lain perkara enteng. Mun ngurangan kahayang, tangtu ngurangan oge beuratna dina nyabarannana.

Genah karasana lamun kuring salaku patani, pepelakan keur sukuran. Salaku pangusaha, bisnis keur nyukuran hirup. Salaku pagawe, ka kantor gawe, keur nyukuran hirup. Kiyai, ajengan da'wah keur nyukuran hirup.

Naha bet sagala bae sukuran? Sabab moal bisa dibohongkeun, sagala segi kairupan manusa teh pinuh ku pirang-pirang ni'mat, anu miheulaan kana sakur-sakur lampah.

Kumaha lamun sagala keur ripuh? Wayahna panggihkeun heula hikmahna. Saga rupa kajadian pasti ngandung hikmah. Atawa langsung tutup ku alus sangka. Ku kituna aya bae celah keur nyukuran hirup dina rupa-rupa kaayaan, kari alus ngigelannana, alus ngabebenjokeun diri sorangannana.

Wallahu 'alam bisshawab..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar